B. Daerah

Pertanyaan

Sebutkeun susunan sisindiran??

1 Jawaban

  • Aya tilu rupa sisindiran nyaeta paparikan, rarakitan jeung wawangsalan. Dina sisindiran aya bagian cangkang atawa sampiran jeung aya bagian eusi. Sisindiran atawa sok disebut oge pantun Sunda nyaeta salahsahiji wangun puisi nu aya dina sastra Sunda. Sisindiran dina sastra Indonesia mah sarua wangunna jeung pantun.

    Pembahasan

    Ditilik tina wangun eusina, aya dua rupa puisi Sunda, nyaeta puisi anu eusina mangrupa carita jeung puisi anu eusina henteu mangrupa carita. Conto puisi Sunda anu eusina mangrupa carita nyaeta saperti wawacan jeung carita pantun. Sedengkeun conto puisi Sunda anu eusina henteu mangrupa carita nyaeta sisindiran, guguritan, sajak, mantra jeung pupujian.

    Dina sapada paparikan jeung rarakitan aya opat padalisan. Sedengkeun dina sapada wawangsalan mah ngan aya dua padalisan. Dina unggal padalisan sisindiran biasana aya dalapan engang. Dina paparikan jeung rarakitan, padalisan kahiji jeung kadua mangrupakeun cangkang, padalisan katilu jeung kaopat mangrupakeun eusi. Sedengkeun dina wawangsalan, padalisan kahiji mangrupakeun cangkang, padalisan kadua mangrupakeu eusi.    

    Ditilik tina maksud atawa eusina, aya tilu rupa sisindiran, nyaeta aya sisindiran anu eusina mangrupa piwuruk, aya sisindiran anu eusina mangrupa silihasih, jeung aya oge sisindiran anu eusina mangrupa sesebred atawa heureuy. Purwakanti antar padalisan dina paparikan jeung rarakitan bisa kaciri sacara jelas. Sedengkeun purwakanti antar padalisan dina wawangsalan henteu kaciri sacara jelas. Purwakanti antar padalisan dina wawangsalan bisa kaciri tina wangsalna.  

    Pelajari lebih lanjut

    • Rupa rupa sisindiran https://brainly.co.id/tugas/11754912
    • Bagian-bagian sisindiran https://brainly.co.id/tugas/12839746
    • Contoh pantun menyindir sifat teman https://brainly.co.id/tugas/13484791

    __________

    Detil Jawaban

    Kelas : VIII

    Mapel : Bahasa Sunda - Sisindiran

    Bab : 4

    Kode : 8.13.4

    Kata Kunci : Sisindiran, paparikan, rarakitan, wawangsalan, puisi Sunda, pantun Sunda

Pertanyaan Lainnya