B. Daerah

Pertanyaan

bahasa sunda tulen dan bahasa serepannya

1 Jawaban

  • Dina unggal basa sok aya kecap atawa basa tulen jeung aya oge kecap atawa basa serepan, kitu oge dina basa Sunda aya basa Sunda tulen jeung basa Sunda serepan. Dina basa Sunda conto basa atawa kecap tulen nyaeta saperti kecap waas, meureun, henteu, hideung jeung sajabana ti eta. Sedengkeun conto basa atawa kecap serepan nu aya dina basa Sunda nyaeta saperti baskom, komputer, abdi, maksud jeung sajabana ti eta.  

    Pembahasan

    Dina basa Sunda aya dua ragam basa nyaeta anu disebut ragam basa hormat / lemes jeung ragam basa loma. Aya sawatara kecap serepan anu miboga ragam basa jeung aya oge anu henteu miboga ragam basa. Saperti contona kecap serepan nu asalna tina basa Arab nyaeta kecap sholat, dina basa Sunda mah kecap sholat teh kaasup kana ragam basa loma. Lemesna tina kecap sholat nyaeta netepan. Kitu oge kecap maksud (basa Arab), lemesna maksud nyaeta maksad.  

    Pelajari lebih lanjut

    • Naon nu dimaksud kecap serepan https://brainly.co.id/tugas/7388439
    • Conto kecap serepan https://brainly.co.id/tugas/14915018
    • Kecap anu hese ditarjamahkeun https://brainly.co.id/tugas/16934256

    __________

    Detil Jawaban

    Kelas : VIII

    Mapel : Bahasa Sunda - Bahasan Budaya Sunda

    Bab : 6

    Kode : 8.13.6

    Kata Kunci : Basa Sunda tulen, basa Sunda serepan

Pertanyaan Lainnya