B. Daerah

Pertanyaan

sebutkeun 5 judul -judul jeung pangarang kawih sunda

1 Jawaban

  • Kawih nyaeta lalaguan Sunda bebas anu henteu pati kaiket ku aturan. Umpama ditilik tina rumpakana, kawih rek sarua atawa mirip siga sajak. Dina sastra Sunda, kawih jeung sajak mangrupakeun karya sastra wangun puisi anu henteu kaiket ku guru lagu jeung guru wilangan, saperti nu aya dina pupuh.

    Sanajan teu kaiket ku guru lagu jeung guru wilangan, kawih tetep ngabogaan unsur-unsur anu biasa aya dina hiji wangun puisi, nyaeta unsur-unsur tema, nada, rasa, jeung amanat. Salian ti unsur-unsur eta, dina kawih oge aya unsur anu sejenna saperti unsur purwakanti.

    Salian ti ayana unsur purwakanti, dina kawih oge kungsi kacaritakeun ayana sababaraha rupa kawih. Rupa-rupa kawih anu kungsi aya nyaeta saperti kawih panjang, kawih tangtungm, kawih lalangunan, kawih parerane, kawih bongbongkaso, kawih sisindiran, kawih babatranan, kawih bwatuha, kawih porod eurih, kawih igel-igelan, kawih sasambatan.

    Kusabab kawih mah henteu saperti tembang anu ngabogaan patokan guru lagu jeung guru wilangan nu aya dina pupuh anu geus tangtu, sagala aturan nu aya dina kawih, saperti aturan purwakanti jeung aturan nu aya dina masing rupa-rupa kawih, henteu pati ngiket sacara konsisten kana wangun kawih.

    Jadi tungtungna, dina nyieun hiji kawih, pangarang kawih bisa bebas nyieun kawih saperti nyieun sajak. Anu minangka ngiket kana kawih nyaeta unsur musik atawa melodi. Rumpaka kawih kudu saluyu jeung unsur musik atawa melodi nu aya dina hiji kawih. Di handap ieu conto 5 judul kawih jeung ngaran anu ngarangna :

    1. Bajing Luncat - Kosaman Djaya
    2. Manuk Dadali - Sambas Mangundikarta
    3. Panon Hideung - Ismail Marzuki
    4. Pileuleuyan - Mus K. Wirya
    5. Sariak Layung - Koko Koswara

Pertanyaan Lainnya