tolong bikin sajak sunda
B. Daerah
caca750
Pertanyaan
tolong bikin sajak sunda
1 Jawaban
-
1. Jawaban Afterburn
MUARA
anteurkeun kuring ka gunung
rek nyusu cikahuripan
anu ngocor ngagolontor
rek neueulkeun ketug jajantung
kana galeuh kasucian
anu can baur kokotor
pulangkeun kuring kana pianakan indung
hayang nyeuseup mataholang katengtreman
anu teu weleh langgeng
manceran saendeng-endeng