Naha Pangalaman teh bet penting keur urang?
Pertanyaan
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Sababna pangalaman teh penting keur urang nyaeta urang bisa miboga pangabisa atawa pangaweruh teh kusabab urang miboga pangalaman. Pangalaman biasana dihontal sacara informal ngaliwatan migawe pagawean sapopoe. Dina ngalakukeun pagawean sapopoe kadang kadang bisa migawe kasalahan anu henteu dihaja. Tah sanajan kasalahan teh merlukeun biaya anu kadang mahal, tina kasalahan nu geus dilakukeun bisa ngahasilkeun pangalaman anu berharga.
Pembahasan
Pangabisa atawa pngaweruh salian bisa dihontal ku cara miboga pangalaman, bisa oge dihontal ku cara nungtut elmu sacara formal di sakola sakola atawa lembaga pendidikan formal. Upama pangalaman sacara informal mah teu miboga batesan waktu, dina nungtut elmu di sakola atawa lembaga pendidikan formal mah aya batesan waktu, boh sataun, dua taun boh tilu taun. Kukituna ngahontal pangabisa atawa pangaweruh di sakola leuwih pasti bisa kahontalna.
Pelajari lebih lanjut
- Pengertian pangalaman https://brainly.co.id/tugas/8772631
- Pengertian pangalaman pribadi https://brainly.co.id/tugas/9148283
- Bedana pangalaman pribadi jeung catetan poean https://brainly.co.id/tugas/4258931
__________
Detil Jawaban
Kelas : I
Mapel : Bahasa Sunda - Pangalaman
Bab : 4
Kode : 1.13.4